Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Peuting Nu Hideung

Minggu, 12 Mei 2013

ANGIN ngagilisir kana bilik. Niupan cempor nu ngetit kakalicesan. Awak tingsariak. Muringkak. Karasa keueung leuwih ti sasari. Hujan mimiti ngepris. Beuki lila beuki gedé. Kilat tingburinyay meulahan peuting nu sangar, nganteur guludug nu tingjelegér. Sup ngabulen manéh ku simbut. Noong sakurilingna ti lebah nu soék. Keur kitu blak! Jandéla muka ngageblak kateumbag angin. Kolébat aya nu ngaringkang, hideung ngalayang. “Gustiiii…papastén naon deui nu rék tumiba?” Awak ngadégdég, teu puguh rarasaan. Peuting beuki hideung. Beuki ngembat. Beuki manjangan…* Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya