Kuah Beukah
BUDI parangi teureuh ménak. Andalemi, nyantri tur intelék. Biantarana ngalagena murwakanti, ngéntép seureuh, kaharti tur teu matak bosen katambah diémbohan ku dalil agama nu kacida munelna. Taya codéka. Pikatajieun nu
ngabandungan. Cindekna dina teuteup saliwat haté bakal kaiwat ku manéhna nu dumadakan ngajirim jadi pribadi pinuji nu matak tibelat. Rék teu kitu kumaha tuda, rupa teu ménta tampang teu nguyang ditambah capétang tur perténgtang lain bobohongan.
Ku kituna basa kaparengan mingpin rapat dines jeung manéhna, teu kudu loba huntu atawa pacéntal-céntal omong padungdengan. Sagalana bérés roés ukur dina waktu sakedét nétra. Tutas rapat, gutret berita acara ditéken pikeun maheutkeun kaputusan nu geus dimupakatkeun sangkan teu diucik-ucik engkéna.
Tutas rapat manéhna amitan, sasalaman bari ngaharéwos. “Kadé Yi! Bagian akang samunikeun dina és-pé-jé! Omat!” Pokna teu kireum-kireum. Kuring ukur ngabetem. Teu nyangka ukur nepi ka lebah dinya.* Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


