Nasib Anak Raja Playboy
GEUS 93 X (salapan puluh tilu kali) Si Ujang ngasongkeun calon pamajikan ka indung - bapana, teu weleh ditolak bae. Pang-pangna mah bapana. Mun sakalian nolak teh bari jeung tipopolotot sagala. Si Ujang bati bingung. Kahayang
kawin geus mangseng, ngan orokaya kolotna can keneh bae mere izin.
Nya, manehna lah-lahan rek mawa deui awewe alias kabogoh nu ka 94. Mun nolak deui, rek dipaksa naon alesanana nolak. Si Ujang geus gilig.
"Ma..... Bapa.... nepangkeun Ratih, calon pamajikan abdi", ceuk Si Ujang ka kolotna dina hiji waktu.
Indungna mah katingali bear marahmay, da manehna ge geus hayang boga minantu nu pas keur Si Ujang. Ngan, aneh ari bapana mah langsung ngojengkang nyingkah bari kukulutus teu puguh. Rikat Si Ujang ngudag bapana bari nyarita, "Punten, Pa. Pasihan alesan nu jelas....". Pok bapana nyarita deui, "Da maneh mah salah atuh. Unggal mawa awewe kadieu.... sabagean dulur maneh beda indung. Sabagean deui popotongan bapa. Tah, Ratih teh urut pamajikan bapa!"
"Bapaaa.....", Si Ujang ngajerit terus kapiuhan.* Irman Dimyatie - kisuta.com


