Sastra & Humor
Sajak
Kuring Lain
Senin, 13 Mei 2013
Kuring lain Ibrahim
nu sanggup nandonkeun pati dina durukan
pikeun babakti tur nguji iman
Kuring lain Sangkuriang
nu sanggup ngeprak jin jeung parademit
nyieun parahu sapeuting
bukti bakti kacinta ka Dayang Sumbi kapiati
Tapi kuring gé lain Hamlét
nu mangmang nyindekkeun sikep
antara ngabéla bebeneran jeung males pulih
di mana ajén diri diwewejét ku jiwa nu teu pengkuh
Kuring lain Socratés, lain Éinstéin
lain Napoléon, lain Gandhi
lain Vasco da Gama, lain Columbus
Tapi taneuh, seuneu, hawa, cai
ngancik dina diri
na jatining raga na jatining sukma
Kacapiring, Pébruari 2002
Rosyid E. Abby - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


