Julia
TENGAH peuting. Di observatorium, anteng noongan langit. Teleskop digilekkeun ka Planét Saturnus. Éndah. Cingcinna lir trék atlétik. Keur asik nitenan, aya nu ngetig. Les teu inget bumi alam. Sadar. Bet aya di rohang kokpit. Kabin kapsul.
“Tah, geuning. Geus sadar, euy! Wayahna, silaing ayeuna mancén tugas ngaroris Saturnus!” sora tina speaker.
“Saha ieu? Na déwék bet aya di dieu?”
“Montong loba omong! Ieu jeung pusat kendali. Ngaran silaing digenti jadi Jaka! Laksanakeun tugas. Diaping ti pusat kendali!”
Ngabelesat. “Geuning, Bulan jeung Bumi, teu katémbong?”
“Bulan katut Bumi geus ancur! Tugas silaing nyalametkeun manusa nu ayeuna saheulaanan diperenahkeun di Titan! Gancang!”
Full speed. Rét ka katuhu. Kotak kelir oranye. FDR jeung CVR. Panasaran. Cetrék disetél. “Kang, ati-ati! Akang téh kapiuhan salila genep puluh taun. Tah, nu ngetig Akang harita téh nyaéta…” Pareum.
Ras inget ka éta sora. “Julia…!”
FDR disetél deui. Ngong Procol Harum ngahaleuangkeun A Whiter Shade of Pale.* Rameli Agam - kisuta.com


