Sastra & Humor
Fikmin
Saurang di Antara Hidep
Selasa, 14 Mei 2013
HIRUP téh teu gampang, komo sanggeus bapa hidep taya di kieuna. Hirup téh leuwih beurat batan ngangais hidep, Jang! Sok sanajan taktak kateken, ari geus diécagkeun mah karasa hampang. Ari hirup? Kumaha ngécagkeunana?
Lanceuk hidep nu dua, geus aya nu miara. Adi hidep, ku ema dititipkeun ka dulur si bapa. Ka hidep mah ema teu téga, mungguhing hidep mah panan teu bisa kukumaha, teu walakaya. Pokona mah saurang di antara hidep kudu jadi jelema! Iketan samping nu meulit kana taktak diudar, beungbeurat dina aisan diécagkeun. Budak lalaki bodas beresih mangjam-jam diuk hareupeun pager imah gedong. Budak nu daksa, teu daya teu upaya, cumalimba ditinggalkeun indungna.* Nyai Endit - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


