Bacalég
SUMUR Tujuh ngadadak saat. Tatangkalan di Gunung Karang laleumpeuh. Urang Pasir Peuteuy, Kadu Éngang, Pasir Angin jeung sabudeureunnana haliwu. Sing kuciwes, cacahan silih badé.
Di jajalaneun ka tonggohkeun, rapang gambar nu garinding. Tulisanana ménta widi jeung du’a réstu rék merjuangkeun nasib rahayat. Ditungtungan “ulah poho nomer jeung dapilna”. Kabéh nyangka pasti gara-gara éta, Sumur Tujuh marah, tepi ka nyaatan caina.
Pisapoéun KPU nutup daftar bacalég, gambar Abah Kuncén ngabéngbréng ngaganti kabéh baliho. Cinyusu Sumur Tujuh ngagolontor deui, tatangkalan calangker deui. Hégar. Warga sabudeureun nyéréngéh haren. “Tuh pan ari gambar nu wawuh mah, teu burung diwidian dangiang,” cenah galécok.
Di saung kiréy, nu ginding, sapeupeuting ngurihit, ménta dipoto ngaréndéng jeung Abah. Nu dipénta keukeuh endung, “ja nu ngabéngbréng dina baliho géh lain gambar kula jing” cenah. Disidik-sidik, baliho, asa lain Abah. Lain ogé nu daratang ka KPU. Sakapeung nyatria, sakapeung ngadanawa. “Sing Baralég” ceuk Abah.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com
Kamus Mini:
- Cacahan = ngarobrol
- Silih badé = silih teguh
- Haren = atoh
- Saung kiréy = saung nu hateupna daun kiréy
- Endung = embung
- Jing = euy


