Mur Sita Mur Situ
MINDENG diwowoy, arang ngarampa angen sasama. Manéhna kabawakeun awuntah. Najan nyaho kasempetan ngan sakali, kalah kabobodo ténjo mapatkeun aji meungpeung. Sagala dirumpak, sagala dilarung. Mangprung ka unggal
lulurung liwung. Ngabiur ngalajur napsu. Curaling. Mokaha kuma aing.
Reg! Rumandeg. Rémpo miheulaan umur. Awak begung tinggal tulang. Pasésaan jurig jarian. Babaturan naringgalkeun. Rabeng nyorang jalanna séwang-séwangan. Cuang-cieung. Samarpolah, teu puguh lampah. “Huaaah!” Rumahuh, kuliat nyieuhkeun karungsing. Ngumpulkeun pangacian sajongjongan. Jung nangtung najan lalanjung. Rumanggieung maksakeun. Kabagéan shaf pang tukangna, nyobaan aub amum jeung batur. Ukur keclak cimata nu ngaminan du’a muga nyangking padilah Rajab jeung Rewah tuluy ditepikeun ka bulan nu pinuh barokah. Tapi totondén geus méré wates nu diharéwoskeun, “Mur sita mur situ, umur sia mah ngan sakitu!” Sobat dalit nu baheula ukur patingséréngéh ngajejeléh. Mupuas.* Mulyana Surya Atmaja - kisuta.com


