Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Teu Weléh Dipiémut

Selasa, 14 Mei 2013

USTAD Oyo. Anom kénéh. Santrina geus loba. Wangunan pasantrénna gé kacida tohaga.
Uyu jeung Ayi, babaturan sakobongna baheula, ngarasa hélok sakaligus reueus ku kaayaan Ustad Oyo ayeuna.
"Yo...naon jampéna euy, nepika bisa barokah kieu. Bisa manfaat keur balarea?" ceuk Uyu bari ngahuapkeun kulub sampeu nu jadi susuguh.
"Isuk wé urang ngadeuheus ka Pangersa Mama. Geus lila pan urang téh teu ka ditu? Engké maranéh bakal ngarti."
Barang jol ka bumi Mama Ajengan Suhro. "Alhamdulillah masih daék kénéh ngalongok kobong butut. Ké, ari ieu nu duaan saha tea nya? Da nu tengah mah pasti Jang Oyo, nu sok ngala lauk ti balong Mama peuting-peuting téa, nya?"* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya