Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Di Pasisian

Rabu, 15 Mei 2013

TI barang asup ditatanyakeun ka babaturanana, taya nu apaleun. Piraku gering, da kamari gé ka sakola nyokot kartu peserta ujian dina kaayaan beleger. Séhat! Ujian poé kahiji geus lumangsung satengah jam. Kuring masih kénéh néangan budak, disusul ka imahna. Kasampak suwung, da puguh indung bapana sok dagang di pasar. Dipapaykeun ka tatanggana taya nu apaleun. Méméh ka sakola deui, nyimpang ka masjid rék ngadon ka cai. Basa ngasupan kotak infak, karérét di jero aya nu keur tibra, dibaturan ku buku nu pabalatak. Geuning si Marju! Budak diguyah-guyah. Keur nungguan nu disalin, jol indungna. Sigana mah beunang nyusulan tatanggana. “Baé wé atuh, Guru! Maenya teu lulus gara-gara ku sapoé! Isuk deui wé ka sakola mah. Kabeneran datang barang bieu téh, butuh tanaga budak!” Si Marju ngageuleuyeung milu ka indungna.* Teti Taryani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya