Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kula Lain Sasaha

Rabu, 15 Mei 2013

OROK Cigorondong ngabaris kenca katuhueun jajalaneun ka bale desa, doang budak sakola keur upacara banera senenan.
Kebel ditanggoan, tungtungna mah jebul oge, modonghol kana mobil jangkung. Jut turun, laju disampeurkeun Jaro Pulung, nu geus titadi negeran kembang kongkoyang. Ka Tebe kekepehan endung dikongkoyangan. "Wayahna ceng, euh pa, pangharen warga kula," ceuk jaro ngaharewos. Deungeun-deungeun surak eak-eakan, haren jasa, nu ditanggoan gasik datangna.
Teu antaparah, teretet sawara torompet dibarung kendang penca, mirig parajaka nu ngalage jurus ulin serra, terumbu, jeung cimandean, garagah jasa hareupeun jajalaneun Ka Tebe. Beres nu marenca mundur, burudul aleutan nu mawa angklung dodod, dilagean para cawene nu ngarengklak marengan langkahna Ka Tebe jeung Jaro Pulung . Di jero bale desa, nu ngabeluk dzikir saman, ngear ngabageakeun semah. Sakebel leumpang suku ka bale desa, jaro baceprot cacahan kana tamu nu ditanggoan ti rebun keneh, tepi ka gekna dina korsi siceu pang endahna sa Cigorondong mah.
Can geh kumpul pangacian, suk sok nu neundeunan dahareun, kayaning jojorong, pasung, cucuwer, gegemblong, apem bodas Cimanuk, balok, jeung gogodoh galek. Kabeh karesep Ka Tebe, nu teuing timana urang dinya arapalna. Sakur nu neundeun dahareun, ngadilak maling-maling mantek paneuleu kana nu disuguhan. Nu dipantek kebel-kebel mah isin oge, laju miceun paneuleuna kana pojok burieun podium. Breh, meja prasmanan nu geus ngabayak kejo beureum, angeun lada, ongong, otak-otak, sate bandeng, tumis cangkang sake, sambel honje, jeung emping kurupukna. Eta oge kabeukina Ka Tebe kabeh, teu harti saha nu ngabejakeun karesepna teh. Beuteungna ngadadak ilu haliwu, da puguh teu kaburu nyatu heulan, sabada rapat praksi tadi teh, inggis elat. Isin geus jangji deuk datang kana Jaro Pulung jeung wargana di Ujung Kulon.
Gudiblag, pangacian ngajeblag kagebah, barang protokol nyebut ngaranna, pikeun maju pidato. Heug geh burung, ceuk pikirna. Ceg kana emik, laju nyawara teges jasa, "kaka kaka, eteh eteh, dulur sakabeh. Kula lain sasaha".* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya