Sastra & Humor
Fikmin
Soca Salira
Rabu, 15 Mei 2013
REMEN nganjang kana wall-na. Noongan status jeung komén-koménna. Komo potrétna. Sok dipelong salila-lila. Resep matana. Hiji mangsa mah balaka. “Resep ka salira téh,” cekéng dina inbok. “Jalmi tuna abdi mah. Naon
pikaresepeunana?” Walonna. “Soca. Resep pisan ningal soca salira,” kuring balaka. Les, taya jawaban. Teu kungsi lila, “Nyanggakeun ieu soca kanggo salira,” trétna. Attachment gambar mata sapasang. Getihan kénéh bangun anyar nga-crop. Dijugjug kana wall-na, potrétna euweuh mataan. Kitu deui dina album-albumna.* El Hijar - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


