Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lawung di Saban Lulurung

Kamis, 16 Mei 2013

PAGILINGGISIK méh unggal wanci jeung manéhna. Bubuhan sapagawéan. Budi parangina galéhgéh. Piconggaheun. Tapi kiwari dumadakan loba ngajubleg. Nambleg! Huleng jentul ngahurunbalung. Teu lémék teu nyarék. Ngemu liwung. Baluweng. Resep nyepén dina karaméan bari nyumput dinu caang. Sakapeung katempo kurang-kerung. Ngaraga meneng. Poékeun. Keplak! Nepakan tarangna. Belenyéh seuri sorangan tuluy anteng ngigelan wirahma nu gumalindeng di dunya implenganana. Séwang-séwangan. Diantep.

Karunya, ditalék. Ngajawab, “Keur boga niat!” Ceunah. Bari ret! Mepet panca driyana. Miceun geugeuleuh manah nu maneuh. Muasakeun ragana jeung nyarungsuman jiwana. Tapa brata. Ngemat kanuragan linuwih. Bari mayeng nyipuh diri ku pangaweruh. Cacap. Dumadakan awakna ganti kulit. Malegar. Cicirén kataékan. Janggélék ganti jirim.

Peurih nu kungsi ngagerihan haténa, robah jadi peurah nu ngabeberah manah dina satiap kotrétanana. Pon kitu deui ciduhna metu, pituturna matih. Ngahirupkeun jejer tiap lalakonna. Ngaraga sukma. Nu nepungan balaréa ngaliwatan karya-karya pinunjulna. Manéhna tetep jiga baheula, daréhdéh akuan.* Mulyana Surya Atmaja - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya