Lelembut Bumi Ageung
“Éyy... jauh amat jing cacahan-cacahan baé tangka di Tasik?!” ceuk dangian Ujung Kulon. Nu digeunggeureuhkeun jojong mérésan bawaeun. “Nya euweuh pajuheun tah di Pager Ageung, tangka sagala dicayutan?” jurig Binuangeun ilu ngalalaga.
“Beuh doangna mah bakal pendak jeung kélong sarémok nyah, ja tangka bebedak heulan kitu jing” kunti Bagedur semu timburu. Geus saged, belesur ngapung ka timurkeun, teu nolih kanu pada ngalalaga.
Nepi ka Tangkuban Parahu, bréh nu ngalalaga keur aruplek jeung ririwa tanjakan Émén. Nu ngabelesur lalanjung. Dius deui, teu jadi nyimpang. Ruhuleun tanjakan, reg eureun. Luk ka héndép. Horéng nu ngalalaga keur ocon jeung dedemit Nagrég. Beuki baeud, keuheul jasa. Belesur deui, teu jadi-jadi mampir, cacak menyan kari hiekna.
“Kudu jejem doangna mah, ulah mumpar-mampir, tilok luak-lieuk, cadu dula-deuleu, mun endung pendak jeung nu karitu” ceuk pikirna.
Tepi kana gerbang Bumi Ageung, belegbeg kari hangruna. Srog , gedebeg. Bagooor...!!! Araya kabéh.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com
Kamus Mini :
- Cacahan = ngobrol
- Jojong = jongjon
- Dicayutan = diwadahan (wadah tina daun kalapa meunang nganyam)
- Sarémok = gareulis
- Bebedak = diwedak
- Doang = siga
- Lalanjung = lalieur/ararambek
- Ruhul = luhur
- Héndép = handapeun handap
- Tilok = teu ilok (teu pernah)
- Endung = embung
- Timurkeun = wetankeun
- Ngalalaga = ngaheureuyan
- Jasa = pisan
- Mampir = nyimpang
- Endung = embung
- Kana = ka


