Nu Diceungceum
GEUS gilig moal pukah deui. Ajeng. Sumedeng mangkak ligar. Ceungceuman. Geus saayun batin, geulis luar jerona. Teu lebar ngabiayaan sakolana. Najan ukur ladang gawé leuleutikan. Teu weléh aya rejekina. Nu jadi hahalang iwal nu
jadi kolotna, teuing ku matré. Mun pareng nganjang kudu wé rébo ku pangaresepna. Mun teu kitu, beungeutna teu weléh sangar. Sindir sampir. Kungsi nurih ati. Nongtoréng kekecapanana. Pari basa, cenah, teu pantes doran pacul aya dina téras marmer. Inget basa Ajeng balik sakola. Nyuuh na lahunan sumegruk, semu nalangsa. Bébéja rék dikawinkeun. Teu bisa majar kumaha. Wayahna nalipak manéh. Percumah ngeukeuweuk deudeuh. Pleng, teu panggih deui. Balik ngantor nyimpang ka pasar. Mobil diparkir deukeut tukang sayur. Kabireungeuh aya nu ngais budak keur ngaladangan asin dibaturan ku aki-aki. “Punten, ngiring parkir,” cekéng. “Mangga, Dén!” Témbalna, bari taranggah.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


