Miss Piggy
TI saprak Hanoman jeung Sun Go Kong ngagelar petisi ka istana, kiwari mah teu témbong deui nu ngadon ngaronggéng monyét di saban setopan. Sabot monyét geus lugina tumaninah, gentian babi nu nyampak. Kaom babi
dipaksa ngigel, salto, maké kopéah, tumpak momotoran, ogé midangkeun jajangkungan. Nu boga pokalna sugema meunang sawéran.
Teu narima kaomna dikakaya, Miss Piggy ngokojoan ngajugjug istana geusan nanjeurkeun Hak Asasi Babi. Teu diwaro. Kalah malik diancam rék diparabkeun ka pangeusi istana. Gidig muru gedong wakil rayat. Kasampak nu keur sidang ciweuh parebut daging babi. Bati hanjelu. Sugan, aya kénéh pangharepan. Gubernur didatangan. Olohok. Na témbok rohang tunggu, naplok potrét pingpinan nagara jeung kokolot daérah. Dijas, beungeut babi.
Jlag-jleg. Pangeusi nagri saralin jinis jadi babi. Adu regeng marebutkeun onggok. Onggok ledis, Miss Piggy direwég ku révolusi babi. Oink! Di kayangan, Céléng Wayungyang nyegruk. Prihatin.* Rameli Agam - kisuta.com


