Nu Mulang Tinggal Bugang
“Ujaaaang…!” kocéak dengék les teu inget di bumi alam. Regeyeng pada ngagotong, pada nyeuceuhan. Pulisi jeung sababaraha urang kokolot lembur masih kénéh araya di buruan, tatangga ngarariung.
Nu kapiuhan mimiti éling. Bray panonna beunta. Bréh, kajadian tadi beurang. Budak terus ngarenghik, “Ujang hoyong jajan, Mah.” Lain teu hayang méré. Wadah béas ge korédas, ngadagoan bapana can waé mulang. Tungtungna disentak, “Halik, kadituh ulin kaluar! ” budak ngaléos bari tungkul. Langit poék, brét hujan badag pisan. Ibur Salelembur, cenah walungan caah. Haté guligah teu puguh rasa.
Ceu Isah ngusapan bari ngaharéwos, “Sing ihlas Nyai, watir ka budak!” Teu. Teu rido. Ulah waka! can dibéré duit. Hayangeun jajan Si Ujang téh. Ceurik ngabangingik. Kuniang hudang gabrug budak ditangkeup tipepereket, digaléntoran, diciuman. Nu ngarejengan diképés-képéskeun. Ngaharéwos kana ceuli budak, “Ujang badé jajan?” Leungeunna ngaragamang ngeupeulkeun duit sarébu lépét kana dampal leungeun budak. Si Ujang angger ngabigeu, teu ngajawab.* Aam Amarullah - kisuta.com


