Nu Ngajak Pisah
NGAHAJA tiluanana diriungkeun, méh kasaksian ku saréréa.
Kuring neuteup seukeut ka Kang Jana. Nu diteuteup, ngeluk.
Jempling. Nu kadéngé ukur rénghap ranjugna dada kuring.
"Geus buleud Akang téh hayang pisah sareng abdi?"
"Enya..," jawabna halon
"Akang rék aya maksud nikah deui?"
"Jigana mah kitu, mun seug aya jodo deui mah.."
Kuring teu waka némbal. Karasa aya nu ngajojowét haté.
Najan kitu, kuring ogé teu bisa nyasalah. Ngamaklum pisan.
"Nya ari tos kitu mah, abdi gé teu tiasa kukumaha, da éta
mah tos jadi hak-na akang. Abdi gé teu tiasa maksa."
Dikuat-kuatkeun gé angger panon téh beueus. Cipanon
murubut. Buru-buru dipupus ku tonggong leungeun.
Pakupis. Kuring ngarénghap deui. Jempling deui.
"Enjing, Akang ku abdi diserahkeun deui ka sepuh Akang,"
ceuk kuring bari dareuda. Jung nangtung.
"Bisi aya deui nu hayang pisah, pék geura nyarita ti ayeuna..!"
Kuring neuteup Kang Wahyu jeung Kang Wawan. Duanana
tarungkul. Nyaro'o tungtung baju.* Is Tuning - kisuta.com


