Sastra & Humor
Sajak
Cinta Urang
Jumat, 17 Mei 2013
Tangka gunung-gunung gé rumengkuh, Jungjunan
Dina wening cinta urang
Béntang-béntang nganggit dangding
Kasajatian cinta urang
Kapan jangji urang mah pinasti, Jungjunan
Teu kawas dongéngék atawa tarucing
Haté urang sahiji
Sauyunan napakan wanci
Cinta urang, Jungjunan
Galura jaladri di Manalusu
‘nu bodas. Paul. Motah. Marudah.
Méga katiga luhureun Guntur
‘nu bodas. Paul. Ngaleut. Ngalayang.
Cinta urang, Jungjunan
Dangding wening saendeng-endeng.
Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


