Obat Alternatp
WASDA élékésékéng hayang ngabudalkeun eusi haténa. Sabab mingkin diheungheum mingkin ngaburial. Nyanyautan pating seregot, ngakut nanah baluweng. Cangkem kalah balem ngabetem, ngararasakeun heneg nu kamalangkem.
Lek inuman ditotor. Kumalayang sajongjongan. Tuluy dirungrung deui kabingung. Dibrangbrangkeun nulis diari, réngsé, diilo laju dijejewét. Kitu jeung kitu taya kacapé. Kertas runtah ambarayah. Teu palér kénéh Wasda muru rohangan dapur. Sup sirahna diasupkeun kana gentong panginuman nu caina tinggal satengah. Wasda ngocéak maratan jagat. Rada ngemplong. Cetrék nyetél lalaguan, dipolkeun volumeuna. Kotka racleng tai ceuli. Hiburan majar téh! Tuluy ngéngklak nepi ka ngésang. Tapi haté angger teu daék palér, samalah aya émbohna, euyeub ku rupaning kahayang. Reureuh saheulaaneun, nuuskeun késang, bebersih. Wasda digamis muru majlis dzikir. Tapi pikiranna malah muir, rumasaan asa kasindir. Ngajéngkat balik ti heula. Motong jalan ngaliwatan astana kasampak nu keur ngali kaluat, Wasda nyampeurkeun. Am nyamualkeun taneuh beureum, rep sagalana jadi caméwék. Nu ngali kaluat tihothat ngalalembur.* Mulyana Surya Atmaja - kisuta.com


