Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lampu Sén

Sabtu, 18 Mei 2013

MOTOR di hareupeun lampu sén kéncana hurung waé. Tapi ti tatadi angger lempeng, teu méngkol-méngkol. Palangsiang poho mareuman. Abong heueuh nu tumpakna mojang. Mun ninggang di jalu mah ku kuring geus pasti kana ditididan. Heueuh, da ngagokan nu di tukangeun, atuh. Picilakaeun ongkoh. Tapi ku lantaran nu numpakna mojang, antukna motor manéhna disalip ti katuhu. “Lampu hurung!” ceuk kuring bari méré tanda ku leungeun. Ku sarérétan gé katempo rupana rancunit geulis. Najan enya pikaresepeun, panon teu ieuh terus neuteup. Sieun cilaka. Geclék gigi opat, motor digas deui. Tapi teu lila motor manéhna males nyalip ti katuhu. Lieuk ngalieuk. “Nuhun ngawartosan!” cenah bari imut. Kuring ngalenyap. Da teu kanyahoan ti hareupeunana aya treuk nyemprung. Jebrod! Boro-boro hayang ngalieuk. Motor tuluy digas deui, leuwih tarik batan tadi.*  Lugiena De - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya