Beluk
KOTA geus rénghék. Tina jandéla-jandélana nu tutung, congo-congo bedil ngulincer ka saban pongpok angin, néangan mangsa. Jempling aya ku keueung.
Énsiklopédi Sunda nu geus konéng jeung rangsak, diécagkeun lalaunan. “Lembur aing, lembur aing....,” pokna, di lanté
tilupuluh dua apartemén nu geus hangru ku lebu silalatu.
Sorana ngeleter, awakna ngageter. Lalaunan manéhna cengkat sarta ngarérét ka jandéla nu rangsak. Mun poé ieu aing kudu ajal pék téh teuing, gerentesna. Layung ngan kari sagurat deui.
Di hareupeun jandela, sabada ngarénghap jero pisan, manéhna ngalanglaungkeun beluk. Sorana milepas ka jomantara. Anéh, bet euweuh sora bedil anu némbalan. Teu lila antarana, bet cul-cel di ditu di dieu, sora beluk siga sono hayang silih longokan.* Darpan A Winangun - kisuta.com


