Nurutan Romantis
“Shut up and kiss me. I’m tired fighting with you” kira-kira pihartieunana téh meureun, “Meugeus jempé, mening nyium uing. Uing geus horéam paséa jeung nyanéh”. Jumadi seuri sorangan bari noélan hapéna nutupkeun gugel. Kencling
balik ka imahna. Anjog kana golodog, hawar-hawar kadéngé kénéh nyi Isah keur seriosaan awor jeung brang bréng brong sora barang nu pasulabreng patingkalayang ka tengah imah.
Neger-neger manéh, Jumadi asup ka jero. Ngadéngé nu ngulutrak kana panto, nyi Isah ngajega dina lawang bari nulak cangkéng. Lalaunan Jumadi nyampeurkeun, panon neuteup anteb teu maliré kanu mureleng. Beuki deukeut, beuki deukeut…ceg, leungeunna nyekel peupeuteuyan nyi Isah. Nu dicekel hareugeueun. Teu kanyahoan…héat, slebb!! lambey jeding nenggel pisan kana biwir nyi Isah nu méléngé saeutik. Reup, panon nyi Isah peureum lalaunan. Simpé sakedapan.
Selengseng…Hieekkkk!!!! Irung Jumadi ungas-ingus. Gentak nyurungkeun awak nyi Isah kuat ka nyangsaya kana témbok. Gejlig indit deui bari kukuklutus, “Mana beuki-beuki teuing kana jéngkol téh!!”* Aam Amarullah - kisuta.com


