Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Nyi Banen

Sabtu, 18 Mei 2013

SORA gamelan ngeungkeung kasaweur ku sora angin nu seseleket di sela-sela seahna daun pinus, mawa heab wirahma birahi lalaki nu kagendam liuk sampur pangirutan. Kolear gerakna jiwa nguntabkeun asmara murka dina alur carita tanpa reka. Aya nu nyongkab minuhan dadasar rasa kalalakian, ngadu sima, nganteur pangjurung angkara geusan ngawasa dunya.
Tilu jajaka, parebut catur geusan nyandingkeun Sang Sri Panggung. Taya nu wasa pikeun ngelehan, nuntaskeun kahayang dina tungtung seuseukeut pedang.
Nyi Banen, cawene wanter alus rupa hade tata, laur kasipuh asihan saciduh metu. Ngepyak nuturkeun wirahma gending pangiring sukma, bentikna rema-rema lir umajak ngahiap jiwa-jiwa nu teu wasa ngungkulan nista, jadi wadal rongkahna angkara, ditugal jangga, misahkeun raga badagna jadi tilu bagean geusan nyubadanan angkanan kecap kaadilan. Ceuk sakaol nya eta pisan kocapna sasakala Pasir Banen nu kakoncara.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya