Pamingpin
GURU kawin ka guru. Pagawé kantor kawin ka pagawé kantor. Di lembur Kang Odong mah geus teu anéh. Kitu deui anak bos. Bos hayam, bos bordél. Dikawinkeunna téh pasti ka anak bos deui. Jarang aya anak bos, anak guru, anak
pagawé kantor. Kawinna ka anak tukang béca, tukang rongsokan, atawa tukang délman. Ka manakeun atuh harga diri jeung komara manéhna salaku guru, bos, atawa pagawé kantor. Matak, jadi guyur salelembur basa ngadéngé Néng Euis, budak Pa Endang pagawé kajaksaan, rék kawin jeung Jang Rohim, anak Ki Encu, tukang macul. Di warung, di péngkolan, di kebon, saréréa pada ngaromongkeun. Lolobana mah teu percaya. Jang Rohim nu katelah budak ngedul, bisa kawin jeung Néng Euis lulusan Unsil? Tah, basa Kang Odong dititah mupu gedang di Villa Pa Endang. Pa Endang téh nyarita. Hayang ngarobah pola pikir, cenah. Enya gé budak ngedul, ari dibéré kasempetan mah, sugan wé Jang Rohim bisa jadi pamingpin.* Jordan Kurniawan - kisuta.com


