Nu Ditandasa
DIRARIUNG, pada nyeungseurikeun. Dieuyah-euyah, dihujankeun, dipoѐ, dirangkѐt. Lamun baha, tanwandѐ, meunang panyiksa. “Duh, ampun.., Gusti.., nasib Abdi tѐh, bet kieu-kieu teuing," ceuk gerentes hatѐna, semu ngageuri. Manѐhna
ngimpleng tineung , mangsa ngariung jeung indung bapana, tepak-toѐl, silih siaran jeung dulur-dulurna. Geus poho ka lemburna, teuing di mendi. Waktu manѐhna lunta, lemburna aya anu ngaduruk, diratakeun jadi paimahan. Kiwari tinggal waasna. Teu kuat nahan lapar, gap, kana cau buruk, anu geus kambuy, kabulen ku leutak. Karѐk gѐ rѐk am, Dununganana nyampeurkeun. Kadѐnge sora pecut, ngahiuk diheumbatkeun, Jѐlѐbet, gorѐntѐl, jerit, manѐhna ngajerit. Barang Dununganana, sabet bongoh. Berebet lumpat nengah jalan. Cekitt.., beledag, koceak.., jep. Getih kentel, ngalѐmѐrѐh, peujitna budal-badil. Aya sora tan katingalan, kumalayang, ka awang-awang. “Ampun…, Manusa… ampun…!!!* Yuharno Uyuh - kisuta.com


