Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Hujan Cipanon

Minggu, 19 Mei 2013

HUJAN ngecrek. Wanci asar. Mang Udung siduru hareupeun hawu. Diriung saanak bojo. Ngoréh-ngoréh bubuy hui. Kurunyung Yanti, anak cikal tina lima sadulur. Mulang gawé ti pabrik tinun. Tas bayaran. Song mikeun bungkusan. Dirawu ku adi-adina.
"Yeuh, Pa," Yanti ngasongkeun udud sabungkus. Mang Udung nyéréngéh. Tapi tuluy nyuuh dina lahunan Yanti.
"Kunaon ari Apa?" Yanti hémeng.
Mang Udung kalah beuki nginghak. "Hampura Apa, Yanti," pokna.
Ceu Onah, pamajikanana, ukur bisa ngingsreuk.
"Aya naon Apa, Ema?" Yanti weléh teu ngartieun.
Derekdek Mang Udung ngabéjérbéaskeun kabingungna mangsa harita. Réngsé nyarita, Yanti ngeluk tungkul. Juuh cipanon. Tapi teu lila.
“Tong janten émutan Apa, Ema, abdi iklas,” pokna bari ngaléos. Ngabeubeutkeun manéh kana kasur.
Isukna mobil sédan geus nagog di buruan imah. Lalaki bucitreuk maké dasi, nyéréngéh. Ngaléng Yanti. Mobil ngageuleuyeung. Yanti ngadadahan. Mang Udung tungkul. Leungeuna ngeupeul sacewir surat kontrak nu ditékén ku manéhna minangka pamayar hutangna nu geus salaput hulu.* Ki Denkur - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya