Dua Gunung
"TIRIS, Lis?" Ukur diwaro ku unggeuk. Jeung imut kameumeut. Da jeung enyana. Hawa Ketep Pass tiris kacida. Sakitu geus maké jékét gé, angger nyelecep. Lalaunan. Dua leungeun meulit kana cangkéng. Anjeun ngaraketkeun awak.
Nyampaykeun sirah dina dada. Pung. Sukma ngapung basa ngangseu seungit buuk anjeun. Kakalayangan. Karasa éndahna. "Haneut ayeuna mah, San." Anjeun ngaharéwos. Haroshos. "Hayang salilana." Keukeupan beuki pageuh. Paheneng-heneng. Nganteur lamunan séwang-séwang. Nyaksian halimun nu mungkus gunung. "Hayang kawas Merapi jeung Merbabu Neulis mah, San." Lalaunan. Anjeun malik tan ngaleupas keukeupan. "Najan Merapi ngabudalkeun amarahna, Merbabu mah satia maturan." Treup. Paadu teuteup. Silih deukeutan. Silih teuleuman. Pating kalangkang. Pirang rasa nu teu kawakilan ungkara. Beuki deukeut. "Neulis bagja hirup jeung Dodi?" Anjeun neuteup. Seukeut. "Hésé urang tepung téh, San. Jaba samporét. Mending urang sosonoan." Ceuk anjeun. Tatag. "Keun salaki Neulis mah urusan Neulis. Kitu deui salaki Santi, Neulis mo hayang nyaho" Gabrug. Anjeun nyulusup kana sesela dua gunung.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


