Mulang ka Sarakan
LIMA taun di pangumbaraan, kasono geus mudal na embun-embunan, ngalémbéréh mépés harénghéngna haté nu kawas ngaléléwé. Aya nu marojéngja, mimiti ngawasa uteuk jeung lelembutanana. Kaayaan sajajalan anu béda,
pasawahan upluk-aplak malih rupa jadi rempegna wawangunan anu samasakali teu dipikawanoh ku manéhna. Wahangan anu caina canémbrang hérang, ayeuna ngan nyésakeun cai macak-macak nu kiruh pinuh ku jaram. Batu galituk, catang rungkang, dipapaés amalayahna runtah. Jalan but-bat, ngabulungbung pamidangan antayan kandaraan. Kebat muru ka lembur, rénghapna karasa ngerepan. Imah basajan didadamparan ku palupuh carang, dipindingan bilik awi anu lapuk ku umur kawas ngalangkangan na panineungan. Kabéh geus baganti kasilih ku wanci, panineungan sarwa basajan tétéla geus salin rupa jadi gambaran anu tohaga. Hasil gawé hésé capé téh geuningan bener-bener dilarapkeunana ceuk pamikirna.
“Kang Misnan.....!” sorana semu ngageter. Ngajanteng hareupeun wewegna panto, angkaribung ku babawaan ti nagri peuntas.
Panto ngarekét muka, lain Kang Misnan anu mapag, tapi awéwé ngora ngangais budak.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


