Lembur Kula Mahmur
JARO mamarahan, kupédah kabéh wargana endung narima bantuan para dermawan ti kota. Balé désa geus teu mahi ngawadahan bungkusan sembako nu ngaleuya. Jol ketua DKM, nepak tarang, ngumaha kana jaro, kupédah cacak geus
nyieun koropak nu sagedé alaihim, masih kénéh teu mahi ngawadahan duit amal warga, nu jama’ah didinya.
Lembur lubuk labak, loba banda teu kalebok. Jalan geus euweuh nu teu lucir ku aspal, coran, atawa paping blok. Imah warga alagréng. Méh di unggal pojok rohangan lembur aya tulisan “Silahkan Ambil, Gratis, Amal Shodakoh Untuk Anda Semua” nu handapeunana ngaderak dahareun ngareunah jasa, bari saeutik géh euweuh urut nyiwit nu nyokot.
Jaro bingung mun ngayakeun kagiatan, duit iuran warga teu katampung. Kabéh hiburan geus pernah dipéntaskeun. Jaipongan nu biasa dibayar sapuluh juta sapeuting, di éta lemburmah tujuh kali lipet, ja loba teuing anggaran panicia. Karuhan mun aya maén rebutan mah, gantungan di luhur tangkal jambé na géh, mangrupa ATM nu eusina jutaan. Gantungan pangbiasa na éta, paling Nokia atawa Bébé Gemini. Nu maraénna barudak SMA, barijeung beubeunangana téh, isok disalabarkeun ka panongton nu haladir, ja diimah na géh ngabadeg nu karitu mah.
Beuh, lembur mahmur gemah ripah loh jinawi. Pa présiden seuri ngahahah jasa nyaksian kayaan éta lembur mah, lain ukur nyuringih seuri kahormatan wungkul. Hahahahaha… jaro mah rungah ringeuh bingung, dikasahakeun deui ieu duit kunjungan tamu, loba teuing cenah.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


