Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Sajak

Pati

Senin, 20 Mei 2013

Na kongkolak panon samoja ngarangrangan

Mugurkeun dangdaunan luhureun pajaratan

Nutupan tutunggul ngabalaan tetengger

Geuning wanci geus kagiridig pati

Lalakon kahirupan : runtuyan carita

Nu dipungkas ku kidung pileuleuyan

Angin peuting ngélébétkeun tunggara

Meulah peteng ngawurkeun honcéwang

Meunggaskeun régang-régang harepan

Purnama ngeunteung na tutunggul kubur

Sulintang nu remen maturan duka dimana

Ukur aleutan méga hideung ngalalangséan

Boa ti dinya pati nyéntangna.

Inda Nugraha Hidayat – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya