Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Pelopor Kebangkitan Nasional Taun Tilulas

Senin, 20 Mei 2013

RUPA-rupa pamolahna. Aya nu maké pakéan dines. Nu dijas. Aya ogé pangagung nu maké pangsi. Ibu-ibuna mah saragem. Dikabaya. Mahasiswa séjén deui. Lolobana mah dicalana jins jeung kaos oblong. Nyantéy. Aya hiji dua nu maké sporhem jeung nu dijékét. Mahasiswina, galibna dicalana jins. Ngan sigana nengah jumlahna nu dicalana jins jeung erok pungsat mah. Ti masrakat cacah ogé teu saeutik nu ngahajakeun datang. Kabéh jalma ngamuara di salasahiji gedong nu pinuh ku sajaroh. Gedong Stovia. Acara nu lumangsung di Gedong Stovia téh minangka acara nu langka jeung ahéng. Bapa Sutomo salaku gilang panata calagara, baris ngalélér deui anugrah “Pelopor Kebangkitan Nasional Taun Tilulas”. Pamilon dipilih ku girang pangajén dumasar kana réken gedé jasana geus bisa ngahuripkeun para mahasiswi sareng kaom ibu. Hususna bisa ngaronjatkeun kahirupan rangda jeung istri binangkit, istri nu resep ngahudangkeun. Cék bocoran, nu bakal dilélér piala nu mangrupa miniatur Monas téh, Bapa Fatonah.* Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya