Nu Ngalalana
“BARUK? Nu kasép téh hayang ngalalana?” Suantenna agem. Nanging teu leungiteun geter deudeuh. “Rék nyiar naon, anaking?”
“Seja nyiar luang, Bah. Maluruh sajatining agama. Ageman hirup nu saéstu.” Tatag. Dahlan ngawaler patarosan ramana.
“Hartina, hidep cangcaya kana kasajatian ageman urang?”
“Neda pangapunten, Bah. Bawiraos, urang katungkulkeun teuing ku kayakinan nu turun tumurun. Taya nu wantun madungdengkeun. Sadayana ukur tumut kana katangtosan warisan luluhur. Ayeuna, putra neda widi, seja milari kayakinan nu sajati.”
“Enyaan hidep téh rék ngalalana, anaking?” Suanten kahariwang. Rasa nu ilahar nyangkoyot dina manah saban indung.
“Yaktos, Ambu. Niat parantos buleud. Lir buleudna purnama wengi tadi.”
“Rék lunta ka mana?”
“Sanés ogé ngalalana atuh, Ambu, ari aya nu dijugjug mah.” Dahlan imut bari neuteup raray nu janten ibu. Piligenti sareng raray ramana.
Ambu Iyut ngarénghap panjang. Mungkas panineungan. Janari leutik di bulan Rajab. Welasan taun kalarung. “Dahlan ...” gerenyemna. Sakeclak. Cipanon maseuhan poto anakna. Dina poster DPO pulisi.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


