Kasurupan
HORENG nu sok kasurupan teh lain jelema wae. Jurig oge osok. Kocap di hiji kulawarga dedemit, Bah Jambrong sakulawarga keur bingung. Anak cikalna nu paling dipikameuemut nyaeta Neng Kuntilanak geus tilu poe tilu peuting
ngacaprak. Nyarita sorangan bari tutunjuk ka sakur jurig nu ngalayad ka imahna. Teu lila, Abah Genderuwo, minangka ustadna di eta wewengkon datang kadinya, maksudna mah rek ngubaran. Abah Genderuwo, "Saha ieu?". Jawab nu kasurupan, "Aing, Jejen Jaelani War!" Gebeg Si Abah reuwas liwat saking. Manehna apal pisan saha nu nyurup. Teu talangke, gancang manehna mawa Buku Karamat. Aya tulisan baradag dina jilidna: FIKMIN BASA SUNDA. Gancang dibuka eta Kitab Karamat, gorolang dibacakeun sababaraha Fikmin karya Prabu Godi Suwarna, Prabu Iwan Hanjuang, Prabu Ahmad Fawzy Imron, Prabu Nana Slamet Tresna Aji, Prabu Herdi Pamungkas, Prabu Rudi Riadi, jeung karya Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. Beres dibacakeun fikmin, koceak nu kasurupan ngajerit, "Ampuuuuuuunnnn.........!!!!" Neng Kuntilanak dadak sakala cageur sapada harita.* Irman Dimyatie - kisuta.com


