Nyieun Sajaroh
SAPRAK cintana Sangkuriang ditolak Dayang Sumbi, sadunya taya nu wani ngabogohan indung. Saprak Siti Nurbaya dikawinkeun paksa ka Datuk Maringgih, ti harita taya deui kolot nu isok ngareremokeun anakna. Saprak Dalem Boncel
arateul saawak-awak, teu warani ngusir kana indungna. Saprak Kabayan isok ngaheureuyan Abahna Iteung, laju bae gaur mitoha jadi bahan cacahan para minantu.
Laju ... Saha nu wani ngagere ceuli anggota dewan nu sarare, ngarah jaga euweuh deui nu malolor mun keur sidang.
Laju mindo ... Saha nu wani neke koruptor hareupeun hakim, ngarah jaga euweuh nu wani nyalah gunakeun duit urang.
Kula mah deuk ngamimitian wani ngabogohan dunungan, ngarah jaga atasan nyaraah ka bawahan.
Sok saha nu deuk ngamimitian wani ngawin bikang sakaligus 4 nanggap orgen Kang Iwan Hanjuang?* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


