Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Warta ti nu Ngajomantara

Selasa, 21 Mei 2013

ANGIN soré antaré ngalénghoy bangun lungsé. Ngageberan kaktus nu langlayeuseun kapanasan. Harééng. Sawatara di hiji padumukan. Harénghéng. Ibur salelembur, éar sajazirah. Carowong. Paheuras-heuras genggerong. Ragég. Tapi khafilah tonggoy lumampah di sagara keusik nu éndah. Wanci tumunggang gunung harita téh. “Waduk euy! Menya pulang anting ngan sapeuting? Palestin téh jauh panan!” Cangcaya. “Mending baralik deui ka buhun euy!” Nyorowok. “Hurip buhun!” Giak. Diangklungan. Euyah-euyahan. Malurtad deui.
“Teu kudu lieur! Cuang pentés baé, Jinisna!” Ceuk kekentongna nu kungsi nyaba ka Paléstin. Manéhna sinah medar lalakon. Nyaan atawa akon-akon lalampahanna téh. Abrulan ngaleut. Ngadeugdeug jalma nu dilandih ku maranéhanana pang dipercayana. Meredih. Ngadeleksek. Neken tandes! Diwaler daria. Kalawan soméah. Bil hikmah. Ébréh. Ngembang boléd. Badis lalajo layar rubak eunteung lopia. Kagambar persis sakumaha aslina. Nu mentés patingkélémés. Kapiasem. “Sodakta! Sodakta! Sodakta!” Saur manuk sapuk nampi katetepan nu lima waktu.* Mulyana Surya Atmaja - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya