Minggu, 26 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Samagaha

Selasa, 21 Mei 2013

BULAN samagaha haben ngeunteung na sisi talaga. Ngajanteng ngaraga meneng. Ngahuleng jentul bari milang raheut dina pameunteu nu raca tapak jamparing asih, pasini, jeung kapalsuan. Manéhna ukur bisa rumahuh, ngangluh, ngarasula. “Horéng dunya téh teu béda batan naraka…,” gerentesna.

Kiwari bulan anteng nyorangan. Nangkeup kapeurih nu ngagerihan ati. Jongjon ocon jeung mangpirang-pirang katugenah jeung kacangcayaan, nu mingkin lila mingkin ngandelan. Basa pucuk camara haat ngagupayan, bulan malah ngajebian….* Basyar Isya – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya