Rangkay Gedong Seni
GEUS nahun kuring ngajentul handapeun matapoé, ditiung hujan, dimantel angin. Nganti jangji nu dilanten dina rawé-rawé haté. Antara kuring jeung anjeun. Lebah batu nu mahat bumi, imut anjeun karasa beuki peuheur. “Jungjunan,
urang silih bedahkeun rasa! Di dieu,” ceuk anjeun harita. Bet aya sasempék karingrang nu diborétékeun tina juru panon anjeun. “Moal lami. Dikantun ukur sakedap.” Anjeun teu weléh gugupay. Tapi tina angen ujug-ujug aya nu nyurungkul tuluy melag dina elak-elakan. Gupay anjeun terus jadi gurilap pedang. Ngabesét raga nu nulang-naléng jadi rorongkong. Kuring mancuh tigin kana jangji. Ari anjeun anggur pahibut memener imut bari terus muntelan racun ku baliho jeung spanduk. “Aing teu hayang nyaho. Manéh kudu jéntel, siah! Mun henteu, kolot aing bakal ngamuk!” ceuk budak awéwé bari memener erok, lebah cukang irung pisan. Laju ngaguratkeun balati kana iga ragas kuring nu geus hanyir karahaan. Dua lalaki begung nangkeup kuring tipepereket. Kongkolak matana beueus.* Nana Sukmana - kisuta.com


