Teu Tulus ka Mekah
SARÈNGSÈNA tawaf wada’, Abdullah kapulesan handapeun tangkal korma. Dina pangimpianana, ningal dua Malaékat turun ti wiati.
“Teu aya saurang ogé nu ditarima ibadah hajina taun ieu, iwal ti Ali, tukang sapatu urang Damaskus. Sanajan manéhna teu
datang ka Mekah.” Ceuk Malaékat. Abdullah ngarénjag, hudang. “Hayang apal ka éta jalma.” gerentesna. Laju ka Damaskus, néangan jalma dimaksud.
Abdullah papanggih jeung Ali tukang sapatu di imahna. Abdullah nanya "Naha anjeun teu indit ka Mekah?" Derekdek Ali medar lalampahanana.
“Sabenerna taun ieu kuring rék jarah ka Mekah, ngan teu tulus.” Pokna. "Sababna, pamajikan kuring keur nyiram, hayang ngasaan kadaharan nu keur dipolah ku tatangga. Ku kuring dipangméntakeun, lain méré, kalahkah ceurik. Cenah mah, geus tilu poé anakna teu dahar. Poé éta manéhna manggihan bangké kaldé, dagingna dipasak. Manéhna nyarita, yén éta pasakan haram pikeun kuring. Haté kuring nalangsa, kabéh duit keur munggah haji dibikeun ka manéhna."
“Pantes ibadah hajina ditarima.” gerentes Abdullah.* Rudi Alfajri - kisuta.com


