Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Budak Soméah
Rabu, 22 Mei 2013
DINA jero angkot, penumpang padedet. Komo wayah bubaran budak sakola mah
Jaba ti éta, hawa nu angkeub matak hareudang.
Gigireun kuring, ibu-ibu ngarérépéh budakna nu ceurik baé.
"Hoyong Nénén panginten Bu", ceuk kuring bari ngarérét ka ibu-ibu éta.
Si Ibu ngabetem, angger ngarérépéh budak. Tapi lain ka répéh, budak téh kalah
beuki tarik ceurikna. Tungtungna mah, indungna ngéléhan, budakna tuluy
disusuan bari dituruban ku samping. Teu lila, budak téh nolol deui tina samping
bari pok ngomong ka kuring, "Ngaleueut A..."* Is Tuning - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


