Bulan Kolot
ARI keur teu boga duit —tambah bulan kolot— sok katurug katutuh. Lampu ngadadak pegat. Gas béak. Ban motor dugul. Odol kempés. Sabun mandi korédas. Satpam nagih iuran kaamanan — tilu bulan. Naha nagih téh meni
disakalikeun tilu bulan? Rék nelepon ka lanceuk —nyelang— telepon imah geus ngan ukur bisa narima wungkul. Krang kring nu nagih: ti bank, kantor telepon, dealer motor. Geus puguh budak hayang jajan mah teu bisa diupahan.
Der, deuih mitoha datang. Rék naon bari nagé. Cikénéh gajihan kamari nginjeum duit —bari jeung tara mayar gé— ayeuna geus jol deui.
Hoream nyanghareupan. Kajeun nyingkah maén catur di si Abang.
Balik maén catur, di imah rongkah loba dahareun.
“Boga duit ti mana loba dahareun?” kuring nanya ka pamajikan.
“Si Ema mayar hutang. Ngajual tanah nu di tukang cenah.”
Bray bulan ngora deui.* Dudung Ridwan - kisuta.com


