Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dicium

Kamis, 23 Mei 2013

“ALIM, alim nyalira!” kuring kéképéhan. Cireumbay bari nginghak antukna ngadingdiut sajajalan. Hoream kudu indit nyorangan. Mangkaning sakola sakitu jauhna. Ngaliwatan kebon awi jeung totowang. Gebog cau, sosowehan boéh, kapas, aseupan ngajugrug dina dapuran awi. Parukuyan ngelun. Pelengseng menyan. Pelenghir minyak seungit kaangin-angin. Asa sagep-gepeun aya nu ngudag. Tong boro nyorangan, dalah ngabring jeung babaturan ogé palebah dinya mah sok sing beretek lalumpatan. Aya nu nyampeurkeun. Ngajak seuri. “Ih saha? Meni bageur si emang téh,” ukur dina hate. Atoh asa aya batur. Kuring diais, ngok nyium kana pipi. Nurut wé.
“Turunkeun! Turunkeun! Diturunkeun moal?!! Dasar nu burung, mantog siah!!!” Nu nyentak ngamang-ngamang kayu. Kuring dijewang tina aisan. Nu tadi ngais lumpat sieun digandén.
“Hatur nuhun Pa tos nulungan,” saur Pa Ocid guru kelas 1 SD bari ngusapan sirah. Dituyun asup ka kelas, rob diririung. Kuring ngadégdég.* Yanti Sri Budiarti - kisukta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya