Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kamkah

Kamis, 23 Mei 2013

TATALU giak mapag nu midang. Kembang panggung. Pating langgéor. Nebar imut pangirut. Népakeun kelét pamélét. Lajoan meyud. Mata simeuteun. Kumétap. Uruy. Kembang Gadung gumalindeng ngahudang kagandrung. Mata bajidor manco. Harong!
Dualas sindén lir widadari. Ngajajar. Tuluy ngibing piligenti. Ngagendam lelembutan nu lalajo. Juru ladén tihothat nyadiakeun inuman. Bajidor mingkin motah. Rébéh digero sindén. Merelek ménta lagu. Ngéngklak taya kacapé. Nyawér bébéakan. Asa kaalem. Gumasép.
Soléndang patingbelesat kana taktak bajidor. “Kaul euy!” Pokna. Sawéran bur-ber. Kutang sindén metet. Gendu, Panondari, Késér Bojong, Papacangan jeung Buah Kawung mingkin ngalanglaung. Madungdung. Wanci manjing tumorék. Mingkin séah. Segak. Mulek. Inuman ngaraksuk. Mahabu. Pitunduheun birat. Gitek Si Oray mingkin lelet. Deungdeuleueun. Salah saurang bajidor kaboloksokan. Duit sawéranana ledis. Keur nutupan wiwirang urut mahugi sindén. Huhutang. Ngoréléng ka tukangeun panggung. Nongtak juru pupul duit sawéran. “Dieukeun duit aing!” Nyentak! “Pabalik létah siah!” Nyereng. “Aingah kamkah deuleu. Kadieukeun!” Pakeukeuh-keukeuh. Ragot galungan handapeun panggung. Isukna ibur salelembur.* Mulyana Surya Atmaja - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya