Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Balik Masantrén

Kamis, 23 Mei 2013

“PANGARTI anjeun dina bagbagan agama, geus anték. Geus meujeuhna pikeun ngalakonan kawajiban séjén. Nu leuwih jembar. Leuwih luhung ajénna. Leuwih mulya mungguh Gusti. Jihad fiisabilillah. Prak. Geura meta, Zaénulloh!”
Zaénulloh. Ngaran anyarna. Paméré nu jadi guru. “Perhiasan Alloh, hartina.” Cenah. Nu mapaésan kaéndahan Gusti ku laku lampah nu merenah. Manéhna. Mingkin yakin. Sajatining Islam. Ageman hirup ayeuna tepi ka jaga. Agama nu sakamalir jeung ketug jajantungna. Agama manusa nu kudu dijaga adeg-adegna. Sangkan jaga bisa nyalametkeun umat manusa.
“Geus waktuna mulang.” Manéhna. Ninggalkeun pasantrén kalawan gedé haté. Ngarasa geus boga bekel nu cukup. Gilig. Rék bajoang. Kawas para ulama. Nanjeurkeun bebeneran. Nanjeurkeun Dienul Islam. Dakwah. Nyalabarkeun Islam ka sakuliah dunya. Kaasup cita-citana ngislamkeun kolotna. "Bismillah ..." Gerendengna basa turun ti imah kontrakan. Dor! Manéhna mireng sora bedil. Dituturkeun ku nu pating kedepruk. Téténjoanna ranyay. Héjo. Kulawu. Beureum. Piligenti. Hawar-hawar. Manéhna mireng nu hohoak. "Goblok! Siapa yang memberimu perintah ...?" Les.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya