Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Otél

Kamis, 23 Mei 2013

“Néng, geulis...” ceuk Si Jajaka ka Nyi Mojang.
“Kah… aya naon Aa?” Walon Nyi Mojang alon.
“Ih…gemes!” Ceuk Si Jajaka bari noél cangkéng Nyi Mojang.
“Ahh…géték atuh Aa!” Nyi Mojang semu ogo.
“Gétéknya geulis?” Tanya Si Jajaka, kituna téh bari noél deui.
“Aaahh…si Aa mah..!" Nyi mojang ngadelék.
Ningali polah Nyi Mojang, Si Jajaka kalah beuki ngahajakeun noél.
"Ihh...ceuk nyai géték, géték!” ngomong kituna téh bari jung nangtung, tuliuy lumpat. Sakedapan Si Jajaka ukur olohok. Tuluy buru-buru ngudag Nyi Mojang. Nu diudag kalah beuki tarik lumpatna. Si Jajaka teu cicingeun, tuluy ngudag deui. Saterusna, Si Jajaka jeung Nyi Mojang silih udag dinu luhur suhunan, bari pahereng-hereng.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya