Sastra & Humor
Fikmin
Néwak Malaikat
Jumat, 24 Mei 2013
ETA budak geus salapan taun jadi béntang kelas, niléy dina rapotna aralus waé euweuh nu beureuman. Isuk-isuk manéhna ngalangeu di buruan. “Rapot kuring di dunya alus waé, ari nu di akhérat alus teu nya?” ceuk manéhna bari nanggeuy gado.
Beurangna éta budak mawa karung dua anu gede, niat rék néwak malaikat nu di kénca katuhu manéhna. Busss éta karung dikurubunkeun ka sisi kénca katuhu manéhna tuluy ditalian, sok wé disimpen di handapeun ranjang. Isukna eta karung dibuka, manéhna reuwas kusabab di jerona aya buku catetan gede, barang dibuka éta buku, beleduggg kaluar seuneu.* Indah Eka Lestari - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


