Lalampahan
LANGIT ceudeum pihujaneun. Hawa tiis ngaragamang kana kulit.
Bulu maruringkak, kajaba keur muriang ti kamari kénéh.
Dandanan mah asa geus ginding. Kaos panjang bulao, dibungkus ku jakét
kulit kelir coklat hideung buatan Garut, calana jin belél rada
soéh palebah pingping urut kakait pager, jeung maké sapatu boot
nu biasa dipaké di proyék. Ransel digandong, eusina mah
ukur kaos keur salin hiji jeung buku kumpulan Carpon. Pulpén
jeung chargeran hapé.
Mahasiswa lalar liwat. kuring ngajugjug ka stand paméran fikmin.
Rada ngarandeg saheulaanan, bari luak lieuk sugan aya nu wawuh.
Ti Kajauhan gé katempo pisan aya Kang Godi, apal sotéh kungsi
panggih basa milangkala majalah Cakakak. kitu deui Kang Dadan,
aya Nyai Endit nu keur seuseurian. Kang Ganjar keur diruang riung,
bari loba nu ngasongkeun tapé recorder. Jigana mah keur diwawancara
tah. Kang Hadi Aks, Kang Rudi Riadi ge aya.
Hiji-hiji dipelong bari nginget-nginget.
Panon kuring lulumpatan, da puguh ngadon jangjian jeung Ceu Endah Dinda Jenura.
ceuk ceunah, dedeganana langsing, buukna kusut, jeung bau samsoe.
heu heu... maenya kudu diambeuan heula mah.
Dipopojok stand, kahalangan ku barudak sakola nu lalajo fikmin,
aya nu nguliwid. Ciri-na méh sarua. Buru-buru muru, bisi kaburu
ngahiang.
Ujug-ujug, ti hareup aya budak mahasiswa nu teterejel,
léngkahna ngait kana léngkah kuring. Atuh teu antaparah, kuring
ngoléang. Ngan sakolépat ti tukang aya neumbrag deui. Beledag!
karasa aya nu nyiku kana angen. Leng... sirah asa muter.
Kuring ragrag, tuluy kapiuhan.
Barang bray beunta ..
tonggong karasa linu. Kuring ngajoprak di ruang tamu imah kuring.
rupana mah bieu ragrag tina korsih.
Sihoréng, ngimpi geuning indit ka Unpad téh...* Is Tuning - kisuta.com


