Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Eunteung

Jumat, 24 Mei 2013

DINA eunteung satangtung. Manéhna. Lana temen neuteup héas-héas panon sorangan. Bangun teleb neuleuman saniskara lalakon. Najan réa ungkara nu teu ngajirim sora. Tapi mangréwu patalékan tingronghéap tina rohang-rohang simpé haténa. Hiji-hiji wirahma kajadian ménta disurahan. “Geus kapibanda sagalana...” gerentesna. Imut leleb. Lalaunan. Ngudar dasterna. Bréh. Taranjang ringkang. Ngaludang kolényay umyang katojo mabra lampu kamar. Cipruk cai sésa kuramas. Nyurulung kana sisikluk harigu. Parat namperkeun geter kana rerembet rusiah. Teuteupna. Beuki pangling kana rumbay buuk. Lelemes rupa anyar nu ditilar gurat jeung jarawat. Lampatan awak. Cengkir gading sakembaran nu ngadadak renung. Lenggik cangkéng. Kelir kulit. Sarta sakur singkur nu lawas dipicangcam. “Waruga sampurna, dokter...” gerentesna deui. Ngarénghap panjang bari meureumkeun panonna. Kiwari. Lugina nadah hégak rangsadan. Nu saban peuting baris diguar. Dina ranjang panglawungan jeung cikésang. Nyah beunta. Tapi deui-deui réwuan patalékan ngahurup dirina. Teu lila. Bet aya rembes kana pipi. Teup ka handap. Aya banda lalaki nu tacan bisa dioprasi.* Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya