Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tepung Deui Waktu Manggung

Sabtu, 25 Mei 2013

NAYAGA di panggung tingharéwos. Cenah di hareup aya nu nyéngcélak. Kuring mah tungkul, husu kana rebab. Kapok, moal kutrak-ketrék deui. Bet panasaran hayang nempo. Ana Teup. Gebeg. Mamay?! Nyéh manéhna imut. Seblak. Luk tungkul deui. Ngését rebab téh diédankeun. Sénggol jerit, renghik, dibudalkeun. Bréh. Lalakon lawas. Nu pias. Narémbongan. Inget basa manéhna nyileukeum kana tonggong bari tipepereket. Karasa aya nu haneut ngeclak. Cimata geugeut. Waktu harita pisan, bapana ngontrog. Manéhna digusur. Harita pisan beungeut téh jadi tampolong. Aya peureup nyangsang dina caréham. Les, teu inget bumi alam. Lilir téh basa ngadéngé aya sora nu haroshos. Horéng keur aya dina lahunan Si Ema. Hing ceurik. “Kang, Ieu aya nu nyuhunkeun lagu. Tah tinggal amplopna” MC noél. Kuring ngarenjag. Dirérét. Amplop kayas. Aya tulisan, unina, mundut lagu Panjang Duriat, dihaturkeun kanggo anu nuju liwung. Barang dtempo deui ka hareup. Ngan kari korsi urut diukna.*  Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya