Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ririwa

Sabtu, 25 Mei 2013

MANI halimpu sorana, "Gigi bungsu, malang. Kedah dicabut." Ramona nu lalencop kareret ngarawel gegep. Dicatok-catokkeun, jejetrekan. "Urang parios heula." Lambeyna nu beueus ku lipstik hayoh norostos nerangkeun huntu nu
bangkawarah. Nyanyautanana, eta nyanyautanana. Kesangna mimiti renung dina taarna nu lemes sutra, "Tahan nya!" Ana jetot. Bangsaaat, haram jada.. si dokter jadi ririwa nu hayang mah dibabuk bebengepna!!!* Darpan A Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya